Pupuh nyaeta bentuk puisi anu ngabogaan jumlah guru wilangan (suku kata) jeung guru lagu (rima) anu diatur. Pupuh dibagi jadi 2 macem, aya pupuh sekar ageung sareng pupuh sekar alit.
Pupuh anu kaasup kana Pupuh Sekar ageung nyaeta :
1. Pupuh Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
2. Pupuh Kinanti, ngagambarkeun kesel nungguan, atawa kanyaaah.
3. Pupuh Asmarandana, ngagambarkeun rasa silih asih, silih pikanyaah.
4. Pupuh Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.
Pupuh anu kaasup kana Pupuh Sekar alit nyaeta :
1. Pupuh Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
2. Pupuh Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
3. Pupuh Juru demung, ngagambarkeun nu bingung, susah pilakueun.
4 Pupuh Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
5. Pupuh Landrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
6. Pupuh Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
7. Pupuh Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol anu aya pikiraneunana.
8. Pupuh Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, atawa sumanget.
9. Pupuh Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari genes hate.
10. Pupuh Mijil, ngagambarkeunkasedih tapi bari gede harepan.
11. Pupuh Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
12. Pupuh Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan.
13. Pupuh Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, era ku polah sorangan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar